Total Tayangan Halaman

Translate

Jumat, 08 Mei 2015

PT. SUNDA AIRLINES Tbk.

Pesawat SUNDA AIRLINES. (Pramugarina make seragam kabaya):

"Wilujeng enjing wilujeng tepang di pesawat Sunda Airlines. Kanggo kasalametan urang sadaya, mugi diperhatoskeun ku sadayana. Sakedap deui pesawat bakal hiber. Supados tong katorekan cocokan liang ceulina ku kapas.Waktu pesawat rek hiber, diukna kudu ajeg, tong culang-cileung, tuluy pasang sabukna. Cara masang, cara ngonci jeung carana nyoplokkeunna kieu. (Diperagakeun kupramugarina)
Baju pelampung aya dina handapeun korsi, tong waka dipake, tungguan bewara ti bapa Kapten. Eta baju teu meunang dipindah-pindah komo deui mun di bawa balik, atawa dipake pajangan di ruang tamu mah! Sabab mun kapanggih bakal dicabok bulak balik tukang hareup! Ngarti teu?!
Cara make baju pelampung: asupkeun kana beuheung, siga make rompi, konci sabukna ti hareup ulah tarik teuing, bisi kacekek atawa eungap, engke maneh teu bisa napas! Dikeukeupan mah meunang asal kelekna henteu bau!.
Ngarah bisa ngambang dina cai, tarik eta cenul-cenul warna beureum jambu, kudu inget, narikna kudu di luar pesawat, sabab mun ditarik di jero, bakal melendung gede, moal bisa ngaliwatan panto, bisi nyangked dina lawang panto!
Mun rek kaluar ti pesawat kudu antri - ngabaris siga meri nu keur diangon.
Lamun hawa geus mimiti kurang, napas jadi sesek, masker oksigen bakal ragrag sorangan ti luhureun sirah. Buru-buru ditewak, hiji ewang, ulah parebut ngerakeun ! Pasangkeun kana irung.
Kartu pituduh darurat aya dina selesepan korsi hareupeun, heg dibaca, teu kudu diapalkeun, bisi maneh gelo  ngapalkeun anu kitu mah! Mun rek maca, pencet eta cenul-cenul di luhureun nyaeta keur ngahurungkeun lampu. Ngarti lin ?? Sakitu heula nya?!
Sok ayeuna mah geura ngadoa menta salamet, menta ampun mun loba dosa.
Mun pesawat  ragrag mah nya wayahna wae, kudu kumaha deui. Keun bae da babarengan ragragna oge nya..!  (Bari ngaleos...)

1 komentar:

  1. Casino in Thackerville, OK - MapYRO
    Find your way 충주 출장샵 around the casino, 광명 출장안마 catch a few slots, and 세종특별자치 출장안마 make a deposit. 전라북도 출장안마 With your consent, you'll 사천 출장마사지 be offered a 100% match bonus to play at

    BalasHapus